2. Dalem Boncel
Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncel gawena rapékan jeung getol.
Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta arang disi disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncel, sabab Boncel gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna. Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncel diangkat jadi dalem.
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna.
Baca Juga: 8 Ucapan Selamat Menikah Bahasa Sunda dan Artinya: Halus dan Sopan
3. Peucang Keuna ku Leugeut
Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Bonténgna keur méujeuhna arasak. Am, Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit ninggalkeun kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon. Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun baru Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut.
Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul. Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui.
Di teunggar ku huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik ngageunggeuik, pasrah kana nasib. Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina jajalmaan. Peucang nu geus teu walakaya di téwak ku Pa Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak ken Pa Tani.
4. Di Mana Ayana Kabungahan
Jaman baheula aya hiji lalaki ngaranna Salhawi. Sapopoena Pagawéan ngala batu di tutugan gunung. Hiji poé manéhna ngalamun.
"Mun urang jadi jalma beunghar tangtu moal capé jiga kieu." Teu pati lila datang jin Ipri. Ipri nyarita, "Kahayang manéh baris dikabul."
Teu lila ti harita, Salhawi jadi jalma beunghar. Harita aya rombongan karajaan diiring ku ponggawa ngaliwat ka hareupeun imah Salhawi. Salhawi ngomong deui, Pohara ngeunahna jadi raja. Indit dipayungan ku ponggawa." Teu lila datang deui Ipri. "Kahayang manéh baris dikabul," ceuk Ipri.
Heuleut sababaraha waktu, Salhawi diangkir ka nagara. Salhawi dilungguhkeun jadi raja. Hiji poé hujan turun mani gedé Imah, tatangkalan, jeung sasatoan loba nu paralid. Dina pikirna ceuk Salhawi.
Baca Juga: 26 Nama-Nama Warna dalam Bahasa Sunda, Unik dan Beragam
Demikian tadi contoh dongeng bahasa Sunda singkat yang seru dan mudah dipahami. Semoga bermanfaat!