Contoh 2
Kuda Lumping
Kuda Lumping nya éta kasenian wangun ibing anu dipaénkeun ku saurang maké kukudaan minangka média. Iwal ti éta ibing kuda lumping biasana sok aya atraksi anu bahaya saperti ngadahar beling, jukut, mesek kalapa maké huntu, jsb. Ieu hal nu ngajadikeun kuda lumping sok dipatalikeun keun hal-hal anu magis, saméméh minton pamaén kudu ngayakeun ritual pikeun kasalametan.
Masarakat mikawanoh kasenian kuda lumping minangka kasenian anu magis lantaran dina ritual pamaén jiga nu diasupan roh sangkan bisa ngadahar beling atawa nu séjénna, katambah ku gamelan jawa anu marengan nambah suasana magis dina pintonnana.
Cenah, ibing Kuda Lumping mangrupa wangun apresiasi sarta pangrojong rahayat cacah ka pasukan kuda Pangeran Diponegoro dina nyanghareupan pangjajah Walanda. Aya ogé vérsi anu nyebutkeun, yén ibing Kuda Lumping ngagambarkeun carita perjuangan Raden Pites, anu dibantuan ku Sunan Kalijaga, ngalawan pangjajah Walanda.
Vérsi séjén nyebutkeun yén, ibing ieu mengisahkan ngeunaan latihan perang pasukan Mataram anu dipingpin Sultan Hamengku Buwono I, Raja Mataram, pikeun nyanghareupan pasukan Walanda.Kiwari kuda lumping dijadikeun kasenian pikeun hiburan, teu jarang kuda lumping anu teu ngasupkeun unsur magisna tapi leuwih kana ibing katut gerakanna.
Contoh 3
Katimus
Katimus nya éta kadaharan khas ti daerah Jawa Barat, di sabudereun Tatar Sunda. Katimus dijieuna tina parudan sampeu nu dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa anu dibentuk paranyang dibungkus ku daun cau.
Ngasakeunna nya éta ku cara diseupan nepi ka geunyal, cirining éta katimus téh geus asak. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun ngadaharna dibaturan ku bajigur. Katimus biasa disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jsb.