kabagjaan teu salawasna aya dina kahirupan, pasti sadayana ngalaman pasang surut, kadang senang, kadang susah, tah nalika susah urang kudu leuwih sabar.
Dina Q.S. Al-Baqarah ayat 155 Alloh SWT ngadawuh,
وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوْفِ وَالْجُوْعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الْاَمْوَالِ وَالْاَنْفُسِ
"Sareng leres Kami bakal masihan uji coba ku kasieun, rasa lapar, sareng kurangna harta sareng buah. Sareng pasihan warta anu saé pikeun jalma anu sabar. " (QS. Al-Baqarah: 155).
Nanemkeun kasabaran teh teu gampang, tapi urang kudu ngalakukeun jeung ngamalkeunana, ti ayeuna hayu urang biasakeun ngalarapkeun kasabaran sangkan urang biasa, sabab dina kahirupan ieu urang pasti bakal diuji ku Allah SWT.
Sakitu ceramah singkat anu tiasa didugikeun ku simkuring saparakanca ngeunaan kasabaran, mugia aya mangfaatna anu tiasa diteuleuman, hapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangana.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Baca Juga: 30 Judul Ceramah yang Menarik untuk Remaja, Lengkap Berbagai Tema
2. Contoh ceramah bahasa Sunda tentang iman dan amal soleh
Assalamu'alaikum Warahmatullah Wabarakatuh
Bismillah, Alhamdulillah
Alhamdulillahirobbil Alamin, wabihi nastainu ala umuriddunia wa din.
Wassolatu wassalamu ala Sayyidina Wamaulana Wasyafi'ina Wahabibina Muhammad Rasulillah wala alihi washohbih, waman tabi'a sunnatihi wajama'atah min yaumina hadza ila yaumi nahdhoh.
Alhamdulillahilladzi nazzalal furqoon 'ala' 'abdihi liyakunu lil 'alamina nadziron. Wa ataahullahul mulka wal hikmata Wa 'allamahu mimmaa yasyaa'u. Wa man yu'til hikmata faqod utiya khoiron katsiron.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah S.W.T., margi parantos maparin ni’mat ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa hadir di ieu tempat anu ku urang dipikacinta.
Saterusna sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjungan Nabi Muhammad S.A.W. margi parantos ngantunkeun urang tina alam jahiliyah ka alam islamiyah sakumaha anu dirasakeun dina waktos ieu.
Gelar budaya urang dina kasempetan ieu nyaéta: Iman jeung amal soleh
Allah SWT ngadawuh dina surat An-Nahl ayat 97
Man ‘amila ṣāliḥam min żakarin au unṡā wa huwa mu'minun fa lanuḥyiyannahū ḥayātan ṭayyibah(tan), wa lanajziyannahum ajrahum bi'aḥsani mā kānū ya‘malūn(a).
Siapa yang mengerjakan kebajikan, baik laki-laki maupun perempuan, sedangkan dia seorang mukmin, sungguh, Kami pasti akan berikan kepadanya kehidupan yang baik dan akan Kami beri balasan dengan pahala yang lebih baik daripada apa yang selalu mereka kerjakan. (An-Nahl: 97)