Barang ngadéngé carita ti Aki Haruman, dina haté Prabu Siliwangi bet jorojoy aya niat pikeun mileuleuheungkeun éta putri keur pipamajikanna. Enya gé teu kungsi patepung, tapi Prabu Siliwangi geus bisa nyipta-nyiptakeun kumaha kageulisan éta putri.
Keur ngalaksanakeun niatna, Prabu Siliwangi ngutus Gajah Manggala jeung Arya Gajah, dua-nana gé pangagung ti Pajajaran, pikeun ngalamar putri ti Limbangan éta. Inditna dibarengan ku Aki Haruman jeung para pangiring anu samagréng ku pakarang. Prabu Siliwangi ngawawadian yén éta utusan téh teu meunang balik deui saméméh hasil ngalamar Nyi Putri.
Teu kacaturkeun di jalanna. Sanepina ka hareupeun Sunan Rumenggong Gajah Manggala nepikeun maksudna, yén manéhna diutus ku Prabu Siliwangi pikeun ngalamar putri Limbangan. Ku Sunan Rumenggong éta kahayang Prabu Siliwangi téh ditepikeun deui ka Nyi Putri.
Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi, Nyi Putri téh katingal henteu bérag. Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.” Sunan Rumenggong teu kurang-kurang kagétna. Pokna, “Naha?” “Ama nyalira uninga, apan Sang Prabu téh tos kagungan istri langkung ti 100 jalmi...” Saur nyi Putri.
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh embung. Ari utusan tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi yén maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri. Tungtungna, ku habén dipapaksa, Nyi Putri téh ngaleungit, leungit tanpa karana.
Bur-ber ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu ka angseu ngahiliwir. Tempat Nyi Putri ka angseu seungitna téh katelah "Lembur Buni Wangi".
Sunan Rumenggong henteu cicing baé, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit téa. Ber ka hilir, ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo kolotna sakitu susahna, Nyi Putri ahirna némbongan deui di hiji imah anu nyempil. Manéhna teu tégaeun ningali kolot dirungrum ku kabingung jeung kanalangsa anu pohara. Lembur tempat Nyi Putri némbongan di imah anu nyempil téh dingaranan "Kampung Sempil".
Ku Sunan Rumenggong Nyi Putri dipapatahan sangkan daék dikawin ku Prabu Siliwangi, sabab lamun henteu, bakal terus dipapaksa. Bari ngagelendut putrina, Sunan Rumenggong ogé nepikeun naséhat, “Aya lima jalma nu ku urang wajib dihormat jeung dijungjung, nyaéta guru, raja, kolot, mitoha, jeung lanceuk nu cikal.” Lian ti éta hungkul, Sunan Rumenggong ogé nepikeun harepanana, sugan baé jadi anak-anak Nyi Putri téh jadi turunan raja.
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi. Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta Basudéwa jeung Liman Sanjaya. Éta dua putrana ti Prabu Siliwangi téh dibawa ka Limbangan ku Sunan Rumenggong sarta tuluy dijenengkeun jadi prabu di dua tempat anu béda, luyu jeung amanat Prabu Siliwangi.
Prabu Basudéwa ngawasa di wéwéngkon Limbangan, sarta Prabu Liman Sanjaya ngawasa di wéwéngkon Dayeuh Luhur di kiduleun-nana.
Baca Juga: 10 Contoh Sajak Sunda Tentang Alam yang Singkat, Materi Kelas 7 SMP
Contoh 3
Carita Babad Maja Kidul Dalem Sukahurang Cirebon Jawa Barat
Kira-kira dina abad ka-16 Maséhi di wéwéngkon Maja Kidul aya hiji pilemburan dekeut sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang téh estu jadi tempat pangjugjugan balaréa, sabab salian ti caina canembrang herang turta beresih ogé kasohor loba laukan, kayaning lauk beunteur, tawés, jeung pangpangna panglobana mah nyaéta lauk hurang.
Ari anu mingpin éta kampung téh nyaéta hiji jalma anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana Syekh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun nyebarkeun agama Islam di wéwéngkon pakidulan.
Kusabab anjeunna reseup tuang jeung hurang, nya ti harita katelah ngarana jadi “Dalem Sukahurang” nu ayeuna makamna aya di Blok Salasa Desa Maja Selatan. Dina mancen tugasna, Dalem Sukahurang téh dibaturan ku réncangna nya éta Bapa Kelindur. Ari Bapa Kelindur téh nyaéta muridna Pangeran Cakrabuana ti Cirebon.
Dina hiji waktu, Syekh Abdul Jalil ngawangkong jeung Bapa Kelindur. “Héh Pa Kelindur, asana téh kacida alusna lamun di ieu pilemburan urang ngadegkeun hiji pasantrén pikeun ngajarkeun bagbagan élmu ka islaman?” saur Syekh Abdul Jalil.
“Ih atuh nya kantenan waé saé mah, abdi ogé panuju pisan upami Pangersa aya maksad ngadegkeun pasantrén mah, margi tempatna garenah, hawana tiis, atuh ka cai tempat susuci ogé caket bari caina herang sareng beresih.” témbal Pa Kelindur. “Nya sok atuh mun kitu mah ti ayeuna kénéh urang bismillahan, urang kukumpul bahan-bahanna, bari ajakan sapangeusi lembur sugan aya nu daék mantuan?” Saur Syeh Abdul Jalil deui.
“Sae, mangga. Keun abdi nu badé ngajakanna mah susuganan aya nu kersaeun ngabantuan.” Saur Pa Kelindur daria naker. Ti harita Syekh Abdul Jalil jeung Bapa Kelindur kalayan dibantuan ku sababaraha urang jalma pangeusi éta lembur babarengan ngumpulkeun bahan-bahan bangunan pikeun ngadegkeun pasantrén, kayaning kayu, batu, awi jeung sajabana.
Tapi anéh, bahan anu sakitu lobana téh unggal peuting ngurangan saeutik-saeutik nepi ka béakna. Sanggeus ditalungtik, singhoreng aya nu déléka. Bahan bangunan téh dipalingan ku pasukan jin buntung anu ngarasa teu panuju tempat éta dijadikeun pasantrén.