Sonora.ID - Sudahkah kamu tahu mengenai apa yang dimaksud dengan babad itu? Mengutip dari laman KBBI V, babad merupakan kisahan yang berisi peristiwa sejarah dan biasanya ditulis dalam bahasa Jawa, Sunda, Bali, Sasak serta Madura.
Hal ini senada dengan penjelasan dalam buku Babad Panjalu. Dalam buku tersebut dijelaskan bahwa babad yang sering pula disebut dengan carita, sarasilah, sajarah, atau pancakaki sering diidentifikasikan dengan sejarah atau sastra sejarah yang ruang lingkup isinya pada umumnya terdiri terdiri dari kisah atau dongeng (mite atau legenda) dan silsilah.
Di kalangan masyarakat Sunda, sastra babad dipengaruhi oleh kesusastraan Keraton Jawa yang meresapi khasanah sastra Sunda pada sekitar abad ke-17 Masehi atau saat Sultan Agung Mataram berkuasa.
Pada masa itu diketahui banyak unsur-unsur budaya Jawa, khusunya, unsur-unsur bahasa dan sastra yang meresap ke dalam kebudayaan Sunda.
Berikut ini pun kumpulan carita babad bahasa Sunda yang terkenal di masyarakat, dikutip dari berbagai sumber.
Baca Juga: 25 Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 1 Semester 2 beserta Jawabannya
Contoh Babad Bahasa Sunda
Contoh 1
Babad Panjalu
Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Radén Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeunna milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jampang kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana.
Radén Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijaksana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep palay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Radén Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna, Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut ponggawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Radén Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Radén Aria Kancana bendu tuluy ngaburak-barik dayeuh nepi ka antukna patelak pisan jeung rakana.
Éta kajadian téh dugi ka Prabu Borosngora. Satuluyna anjeunna ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu paraséa téh alakur deui. Aria Kuning masrahkeun kalungguhan ka raina, Aria Kancana. Ti harita Aria Kancana ngadeg bupati ngagentos rakana.
Ti dinya Kampuh Jaya dipaparin jujuluk Sang Guru Haji. Satuluy na anjeunna diistrénan jadi patih di Panjalu, paheuyeuk-heuyeuk ngolah nagara sinareng sang raja Aria Kancana. Panjalu tinemu deui jeung katengtreman.
Aria Kancana digentos ku putrana nu cikal, Sanghiang Téko (Dalem Cilangkung). Panjalu saterusna dipingpin ku seuweu-siwi Dalem Cilangkung, kayaning Aria Kadali, Radén Marta Badadahin, Radén Marta Baya, Radén Aria Nati Baya, Dalem Sumalah, Aria Sacanata, Radén Wira Baya, Radén Wira Dipa, Radén Wira Praja, Cakranagara jeung saterusna.
Contoh 2
Babad Limbangan Dina Basa Sunda
Dijaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman. Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntahkeun pikeun moro maké sumpit atawa jamparing.
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Jog, Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahya nu moncorong ti sisi Walungan Cipancar. Puguh baé anjeunna hémengeun. Barang disampeurkeun, singhoréng éta cahya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. Barang ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa di wéwéngkon Limbangan.
Patepungna Aki Haruman jeung putri ti Limbangan éta téh ditepikeun ka Prabu Siliwangi. Dumasar kana éta kajadian, gunung tempat Aki Haruman ningali putri nu moncorong cahyaan éta téh dingaranan Gunung Haruman.
Barang ngadéngé carita ti Aki Haruman, dina haté Prabu Siliwangi bet jorojoy aya niat pikeun mileuleuheungkeun éta putri keur pipamajikanna. Enya gé teu kungsi patepung, tapi Prabu Siliwangi geus bisa nyipta-nyiptakeun kumaha kageulisan éta putri.
Keur ngalaksanakeun niatna, Prabu Siliwangi ngutus Gajah Manggala jeung Arya Gajah, dua-nana gé pangagung ti Pajajaran, pikeun ngalamar putri ti Limbangan éta. Inditna dibarengan ku Aki Haruman jeung para pangiring anu samagréng ku pakarang. Prabu Siliwangi ngawawadian yén éta utusan téh teu meunang balik deui saméméh hasil ngalamar Nyi Putri.
Teu kacaturkeun di jalanna. Sanepina ka hareupeun Sunan Rumenggong Gajah Manggala nepikeun maksudna, yén manéhna diutus ku Prabu Siliwangi pikeun ngalamar putri Limbangan. Ku Sunan Rumenggong éta kahayang Prabu Siliwangi téh ditepikeun deui ka Nyi Putri.
Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi, Nyi Putri téh katingal henteu bérag. Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.” Sunan Rumenggong teu kurang-kurang kagétna. Pokna, “Naha?” “Ama nyalira uninga, apan Sang Prabu téh tos kagungan istri langkung ti 100 jalmi...” Saur nyi Putri.
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh embung. Ari utusan tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi yén maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri. Tungtungna, ku habén dipapaksa, Nyi Putri téh ngaleungit, leungit tanpa karana.
Bur-ber ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu ka angseu ngahiliwir. Tempat Nyi Putri ka angseu seungitna téh katelah "Lembur Buni Wangi".
Sunan Rumenggong henteu cicing baé, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit téa. Ber ka hilir, ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo kolotna sakitu susahna, Nyi Putri ahirna némbongan deui di hiji imah anu nyempil. Manéhna teu tégaeun ningali kolot dirungrum ku kabingung jeung kanalangsa anu pohara. Lembur tempat Nyi Putri némbongan di imah anu nyempil téh dingaranan "Kampung Sempil".
Ku Sunan Rumenggong Nyi Putri dipapatahan sangkan daék dikawin ku Prabu Siliwangi, sabab lamun henteu, bakal terus dipapaksa. Bari ngagelendut putrina, Sunan Rumenggong ogé nepikeun naséhat, “Aya lima jalma nu ku urang wajib dihormat jeung dijungjung, nyaéta guru, raja, kolot, mitoha, jeung lanceuk nu cikal.” Lian ti éta hungkul, Sunan Rumenggong ogé nepikeun harepanana, sugan baé jadi anak-anak Nyi Putri téh jadi turunan raja.
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi. Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta Basudéwa jeung Liman Sanjaya. Éta dua putrana ti Prabu Siliwangi téh dibawa ka Limbangan ku Sunan Rumenggong sarta tuluy dijenengkeun jadi prabu di dua tempat anu béda, luyu jeung amanat Prabu Siliwangi.
Prabu Basudéwa ngawasa di wéwéngkon Limbangan, sarta Prabu Liman Sanjaya ngawasa di wéwéngkon Dayeuh Luhur di kiduleun-nana.
Baca Juga: 10 Contoh Sajak Sunda Tentang Alam yang Singkat, Materi Kelas 7 SMP
Contoh 3
Carita Babad Maja Kidul Dalem Sukahurang Cirebon Jawa Barat
Kira-kira dina abad ka-16 Maséhi di wéwéngkon Maja Kidul aya hiji pilemburan dekeut sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang téh estu jadi tempat pangjugjugan balaréa, sabab salian ti caina canembrang herang turta beresih ogé kasohor loba laukan, kayaning lauk beunteur, tawés, jeung pangpangna panglobana mah nyaéta lauk hurang.
Ari anu mingpin éta kampung téh nyaéta hiji jalma anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana Syekh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun nyebarkeun agama Islam di wéwéngkon pakidulan.
Kusabab anjeunna reseup tuang jeung hurang, nya ti harita katelah ngarana jadi “Dalem Sukahurang” nu ayeuna makamna aya di Blok Salasa Desa Maja Selatan. Dina mancen tugasna, Dalem Sukahurang téh dibaturan ku réncangna nya éta Bapa Kelindur. Ari Bapa Kelindur téh nyaéta muridna Pangeran Cakrabuana ti Cirebon.
Dina hiji waktu, Syekh Abdul Jalil ngawangkong jeung Bapa Kelindur. “Héh Pa Kelindur, asana téh kacida alusna lamun di ieu pilemburan urang ngadegkeun hiji pasantrén pikeun ngajarkeun bagbagan élmu ka islaman?” saur Syekh Abdul Jalil.
“Ih atuh nya kantenan waé saé mah, abdi ogé panuju pisan upami Pangersa aya maksad ngadegkeun pasantrén mah, margi tempatna garenah, hawana tiis, atuh ka cai tempat susuci ogé caket bari caina herang sareng beresih.” témbal Pa Kelindur. “Nya sok atuh mun kitu mah ti ayeuna kénéh urang bismillahan, urang kukumpul bahan-bahanna, bari ajakan sapangeusi lembur sugan aya nu daék mantuan?” Saur Syeh Abdul Jalil deui.
“Sae, mangga. Keun abdi nu badé ngajakanna mah susuganan aya nu kersaeun ngabantuan.” Saur Pa Kelindur daria naker. Ti harita Syekh Abdul Jalil jeung Bapa Kelindur kalayan dibantuan ku sababaraha urang jalma pangeusi éta lembur babarengan ngumpulkeun bahan-bahan bangunan pikeun ngadegkeun pasantrén, kayaning kayu, batu, awi jeung sajabana.
Tapi anéh, bahan anu sakitu lobana téh unggal peuting ngurangan saeutik-saeutik nepi ka béakna. Sanggeus ditalungtik, singhoreng aya nu déléka. Bahan bangunan téh dipalingan ku pasukan jin buntung anu ngarasa teu panuju tempat éta dijadikeun pasantrén.
Hiji waktu, Bapa Kelindur ngintip hayang nyaho kumaha carana para pasukan jin buntung malingan éta bahan bangunan. Anjeunna naék kana tangkal maja. Tapi ngadadak ngalakukeuna bari ku hawa tunduh nepi ka saréan tilu poé tilu peuting dina tangkal maja téh, lantaran kasirep ku ajian jin buntung.
Ku ngaleungitna Pa Kelindur, Syekh Abdul Jalil hariwang sok sieun aya bahaya. Sanggeus ditéangan ka ditu ka dieu teu kapanggih, hop waé anjeunna boga sangka’an, moal boa diheureuyan ku jin buntung. Nya ti dinya anjeunna terus naék kana tangkal dahu, di dinya anjeunna ngadu’a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan Bapa Kelindur bisa gancang kapanggih deui kalayan salamet.
Ku kersaning Gusti Yang Widi, ahirna Pa Kelindur bisa kapanggih deui malahan dialanteurkeun ku pasukan jin buntung, nu ngarasa taluk ku panasna hawa du’a Syeh Abdul Jalil. Pingpinan jin buntung ogé gancang serah bongkokan bari pokna: “Aduh ampun Kangjeng Syeh! Ti mimiti ayeuna pasukan kaula moal rék ngaganggu deui, jeung malahan siap bakal ngabantu kana pamaksadan Kangjeng Syekh ngadegkeun pasantren!”
Geus kitu mah hawa panas leungit, atuh tangkal “dahu” jadi pugur. Pugur hartina daunna maruragan, anu ahirna tangkalna ogé jadi paéh. Tah ti harita éta pasantrén nu diadegkeun ku Syekh Abdul Jalil téh dingaranan “Pasantrén Dahu Pugur” tepikeun ka ayeuna. Wallohu a’lam bishawab.
Contoh 4
Hanjuang Beureum di Kutamaya: Sempalan Babad Sumedang
Kacaturkeun Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon Ari sababna, Pangeran Geusan Ulun (Raja Sumedang), ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangeran Girilaya (Raja Cirebon). Méméh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon teh ngaraso heula, ngarumpul di hiji tempat anu tiiseun. Maksudna mah bari rék ngatur siasat.
Kacaturkeun Aki Sayang Hawu, patih Karajaan Sumedang. Lar ngaliwat katempat panyumputan pasukan Cirebon téa, kacida reuwaseunana. Tuluy baé Aki Sayang Hawu téh atuh nyamar jadi aki-aki baramaén, leumpangna ogé jajarigjeugan bari mawa iteuk. Tuluy ngadeukeutan pasukan Cirebon téa. "leu téh pasukan ti mana? Naha nyarumput di dieu?"
"Lamun Aki hayang nyaho, kami téh ti Cirebon. Arék ngarurug Sumedang. Arék maéhan Prabu Geusan Ulun," ceuk salasaurang prajurit.
Ngadéngé jawaban kitu, geuwat Aki Sayang Hawu indit. Kituna téh tetep wé nyamar jadi aki-aki baramaén. Sanggeus jauh ti nu ngumpul téa, leumpangna ngabe lesat kawas kilat. Maksudna rék geuwat bébéja ka Prabu Geusan Ulun.
Sadatangna, pok Ki Sayang Hawu unjukan, "Kangjeng Prabu, di leuweung aya pasukan Cirebon rék ngarurug. Tapi teu kudu salempang, kuring siap jadi taméng. Jurungkeun wé, pasti kuring bakal bisa ngéléhkeun pasukan Cirebon!"
"Kaula percaya ka Aki, tapi tetep kudu mawa balad!" ceuk Prabu Geusan Ulun.
"Mangga. Ngan kuring aya paménta. Bade melak hanjuang beureum di alun-alun Karaton. Eta teh pertanda, mun éta hanjuang daunna garing tandana kuring elch Tapi mun eta hanjuang daunna angger, hartina kuring masih keneh hirup
"Heug" ceuk Prabu Geusan Ulun
Cedok Ki Sayang Hawu nyembah, terus indit néangan hanjuang, Hanjuang téh dipelakkeun di alun-alun Geus kitu mah arindit, dibaturan ku tiluan: Ki Nangganan, Ki Kondang Hapa, jeung Ki Térong Péot.
Kacaturkeun Ki Sayang Hawu jeung batuma nu tiluan geus nepi ka tempat pa sukan Cirebon kumpul. Teu loba tatanya, der wé perang campuh Opatan ngalawan ratusan. Tapi teu ieuh éléh najan opatan ogé, lantaran Ki Sayang Hawu ngawatek ajian weduk banyu jeung halimunan. Ajian weduk banyu téh mun dikadek lir cai, liput sapada harita. Ari halimunan mah bisa ngaleungit ngadadak. Antukna mah pasukan Cirebon téh eléh. Nungtutan lalumpatan ka mana daek Tuluy dibarerik ku nu opatan. Ki Sayang Hawu papisah jeung batuma anu tiluan, sabab masing-masing jongjon ngabeberik musuh. Perangna tilu poé tilu peuting Saréngséna perang, nu tiluan teu kungsi panggih deui jeung Ki Sayang Hawu Ki Nangganan nu pangheu-lana balik teh. Tuluy wae bébéja ka Prabu Geusan Ulun Kajadian dipangperangan dicaritakeun taya nu kaliwat Waktu Prabu Geusan Ulun nanyakeun ngeunaan Ki Sayang Hawu Ki Nangganan teu ngajawab. Da memang teu apaleun téa. Nya dicaritakeun wé kajadian nu sabenerna.
"Boa-boa perlaya," ceuk Prabu Geusan Ulun.
"Duka atuh, kirang terang lebah dinyana mah," témbal Ki Nangganan
Ngadéngé jawaban ti Ki Nangganan kitu, haté Prabu Geusan Ulun mimiti dil impudan kasieun, Sieun pasukan Cirebon ngarebut karaton tur machan dirina. Teu lila terus waé ngajak pindah ka sakumna eusi nagara. Ngajugjug ka suku gunung Rengganis, di daerah Dayeuhluhur.
Kacaturkeun Ki Sayang Hawu nu disangka geus perlaya. Saestuna mah waktu harita pahibut ngudag musuh, Ki Sayang Hawu hanteu ngabeberik musuhna. Antukna Ki Sayang hawu téh balik deui ka tempat perang mimiti, bari néangan baturna nu tiluan téa Digeroan euweuh waé Panyangkana nu tiluan téh geus perlaya. Padahal Ki Nangganan sabatur-batur mah baralik ti heula. Haténa sedih kacida Geus puguh kitu mah tuluy wé balik ka Sumedang. Ngan barang nepi ka Sumedang, kasampak di karaton euweuh sasaha Nagara ge titiseun, euweuh jelema saurang-urang acan. Nempo kaayaan kitu, ras Ki Sayang Hawu téh inget kana jangjina ngeunaan tangkal hanjuang Tuluy ditéang. Tangkal hanjuang nu dipelak ku manehna di alun-alun teh hirup kénéh.
Ceuk pikirna, "Prabu Geusan Ulun téh henteu nempo hanjuang. Henteu nurut kana papatah aing."
Ti dinya terus indit, néangan urang Sumedang nu arindit teuing ka mana. Teu kungsi lila, papanggih jeung jelema nu lalar liwat. Kakara waé meunang béja, yen ayeuna téh caricingna di Dayeuhluhur.
Tina nyeri peurih asa dihianat Ki Sayang Hawu leumpangna gagancangan. Jog baé ka Dayeuhluhur. Gancang ku Prabu Geusan Ulun dibageakeun
"Bagéa Aki," ceuk Prabu Geusan Ulun.
Ki Sayang Hawu teu ngajawab. Teu lila pok ngomong sorana ngageter. "Ku naon Kangjeng Prabu ngalih?"
"Demi nyalametkeun diri, euweuh deui cara kudu pindah nagara Alesanana mah kuring meunang béja yen Aki téh perlaya di pangperangan," ceuk Prabu Geusan Ulun.
"Kapan kuring geus nyieun tanda ku tangkal hanjuang?"
"Kuring téh poho. Komo sanggeus papanggih jeung batur Aki nu tiluan nu nyebutkeun teu panggih deui jeung Aki, teg wé kuring téh Aki geus perlaya.," ceuk Prabu Geusan Ulun tandes.
Harita Aki Nangganan aya, milu ngariung. Barang karéréteun ku Aki Sayang Hawu, geuwat dirontok. Ditubles ku kujang pusaka. Nempo kajadian kitu, Prabu Geusan Ulun teu bisa kukumaha. Teu lila ti harita, Aki Sayang Hawu indit kaluar ti karaton bari pokna, "Aing cadu moal ngawula ka nu teu tumarima."
Nepi ka maotna, urang Sumedang euweuh nu apaleun di mana tempatna. Ngan cenah, Aki Sayang Hawu téh sabenerna mah teu maot, tapi tilem di Kabuyutan Dayeuhluhur. Nepi ka kiwari tempat paragi tilemna loba nu ngajarahan, ngan aya pantanganana, ulah maké batik motif Jawa atawa motif Cirebon.
Contoh 5
Babad Sumedang
Pupuh Sinom
leu carita dikarang, dianggit dijicun dangding, carita tanah Sumedang, jaman baheula bihari, tapi éstu saperti, tutur anu tanpa dapur, ngan urutkeun caritana, kolot-kolot nu bihari, anu asli bibit-buitna Sumedang.
Turun manurun carila, anu tepi ka kiwari, meh sarupa caritana, kolot-kolot ménak kuring, anu jadi bibit buit, kasebut nagara Galuh, kaganti ku Pajajaran, sanga parubi Siliwangi, nu kasebut mencarkeun satanah Jawa.
Ratu-ratu sunan-sunan, nu jadi pangagung nagri, sesebutan nu baheula, cara ayeuna bupati, ngaran pangagung nagri, ratu atawana perbu, ari ayeuna nu kocap, tedak Perbu Siliwangi, tina wates sanga Perbu Linggahiang.
Jadi ratu di Sumedang, bibit tedak Siliwangi, dikebatkeun caritana, jadi ratu nu diganti, ku putra anu kakasih, sanga Perbu Linggawastu, gancangna kacarita, putra na ngan hiji istri, jeung panungtung ratu nu agama Budha.
Kota Sumedang harita, kiduleun Gunung Kacapi, disebutna Kutamaya, sakalereun Palasari, nyandingan walungan cai, sisina beulah ti kidul, lahanna lempar pisan, mas ningal sakuriling, ngan lilu pal ti kota anu ayeuna,
Sisi walungan Cisugan, lepi ka jaman kiwari, nelah lembur Kutamaya, ayeuna nu jadi bukti, landa aya urut nagri, ayana teh rada luhur, ngembat sarupa jeung kuta, jiga pasir ngan masagi, ayeuna mah geus dirombak jadi sawah.
Ayeuna ganti carita, ratu di nu séjén nagri, di Cirebon nagarana, kangjeng Su nan Gunung Jati, kasebutna ratu wali, tedak kangjeng Nabi Rosul, harita Sta saja man, pada mangku ngéréh nagri, di Cirebon sareng di negri Sumedang.
Ayeuna ratu anu dua, mimitina kulet dalit, tatapi misah agama, Budha jeung agama Muslim. Sinuhun Gunung Jati, teu pisan kersa ngaganggu, maksa ngasup keun Islam, tapi tetep silih asil, kacaturkeun lila- lila bebesanan,
Putrana ratu Sumedang, nya eta ngan hiji istri, ditikahkeun ka putuna, kang- jeng Sunan Gunung Jati Maolana Magribi, atawa nu sok disebut, Pangeran Pamale Karna, saéstuna kudu Sarif, nya éta téh putra pangeran Pacunan,
Ari pangeran Pacunan, putra Sunan Gunung Jati. Enggalna kangungan putra, pameget kasép jeung segut, siga enggeus mawa ciri, ahir jadi pangagungna. Kocapna Tatu Sumedang, kalangkung nya suka galih, reh kagungan putra pameget utama.
Énggal lajeng ngadeuheusan, ka sinuhun Gunung Jati, pihatur ratu Sumedang, ka sinuhun Gunung Jati, lajeng barina melas-melis, sim kuring agung panuhun, éta pun incu tea, manawi paidin gusti, disuhunkeun rék diingu di Sumedang.
Teu gaduh deui anak, jabi awéwé mung hiji, ku sinuhun geus kamanah, pijadieun awal ahir, wantuning bangsa wali, ngawalonan sinuhun, teu aya pisan halangan, wantuning sarua wajib, tapi éta bapana téh jalma Islam.
Agama nurut ka bapa, muda jadi Islam deui, pihatur ratu Sumedang, ku sim kuring geus kapikir, sinarengna jisim kuring, nurutkeun riwayat sepuh, pitutur anu baheula, disebutkeun jisim kuring, panungtungan jadi ratu di Sumedang.
Nu agama-agama Budha, mangké geus tangtu diganti, nya éta ku incu téa, éta téh anu mimiti, ganti nyembah ka Yang Widi, ku agama Nabi Rosul, sareng tedak-tu medak, dugi kana jaman ahir, sirna Budha kaganti ku agama Islam.
Ketakeun ieu carita, Perbu Lingga waktu tadi, lambat-lambut jumenengna, ahirna mangké diganti, ku putra-putra anu tadi, anu kasebut di luhur, ngeréh nagri Sumedang, ratu agama muslimin, awit ngeréh eusi nagri bangsa Budha.
Tatapina lila-lila, saréhna ratu muslimin, pangeusi nagri Sumedang, anu jaradi muslimin, teu kacatur éta deui, sababna pada aranut, pantes geus nurut riwayat, ka caturkeun deui tadi, di Sumedang saeusining manjing Islam.
Baca Juga: 5 Contoh Autobiografi Bahasa Sunda yang Singkat dan Inspiratif
Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.