8 Contoh Puisi Bahasa Sunda Karya Sastrawan, Ada Beragam Tema

29 Juni 2023 13:45 WIB
Contoh puisi bahasa Sunda karya sastrawan.
Contoh puisi bahasa Sunda karya sastrawan. ( Pixabay/Pexels)

Sonora.ID - Berikut ini sejumlah contoh puisi bahasa Sunda beragam tema yang dibuat oleh para sastrawan Sunda terdahulu.

Pengertian puisi dijelaskan oleh Retty Isnendes dalam Panyawangan Sastra Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Jelasnya, puisi adalah karangan yang bahasanya penuh irama, konsisten dengan bentuk dan diksi, kalimat-kalimatnya tidak sama seperti cara bahasa sehari-hari.

Baca Juga: 15 Puisi Tentang Kehidupan yang Penuh Makna

Untuk dapat lebih memahami terkait puisi, simak contoh puisi bahasa Sunda karya sastrawan dikutip dari buku Puisi Bahasa Sunda Modern karya Ajip Rosada di bawah ini.

1. Étang-étang
Karya: Wahyu Wibisana

Nalika badé myay imut
ningal pameunteu juragan bet haleungheum
énggal abdi nyurilam biwir sorangan sawios kaulan
étang étang sampean juragan

Nalika badé ngab pisan sasanggem ningal soca juragan bet teu cangra énggal abdi ngabekem biwir sorangan
sumuhun kaulan
étang étang panangan juragan

2. Puisi Reumis
Karya: Wahyu Wibisana

Reumis téh citangis bumi
peuting tadi
Puisi téh kinanti ati dina sepi

Saestuna
dina reumis kalangkang dunya
dina puisi kalangkang nyawa 

3. Meri
Karya: Apip Mustopa (1938)

di alam dunya
asana moal aya
nu bisa hirup sauyunan
cara meri sabubuhan

mun nu ngangon nitah ka katuhu
bring ngatuhu
mun nu ngangon nitah ka kénca
bring ngenca
bari disarada:
wék! wék! wék!

di alam dunya
asana moal aya
nu bisa hirup basajan
cara meri saabnilan

dahar cukup saaya-aya
kumaha nu rek maraban
mun keur diabu lolodok di sawah batur
bari disarada:
wek! wek! wek!

Baca Juga: 3 Contoh Puisi Bebas Berbagai Tema yang Mengharukan dan Menyentuh Hati

4. Hareupeun Gedung Merdeka
Karya: Apip Mustopa

aya nu jajaluk nundutan
gigireun tétécéan
panto gedung merdéka
padahal tutumpakan
tingbaliur taya reureuhna
henteu puguh dédéngéan

tihang tihang bandera nu kosong
bangun narangkeup harigu
tingharuleng tur tibelat
leungiteun sumanget bandung

basa aya sora ngagerit tarik
erém mobil disakalikeun
nu jajaluk ngulisik kahudangkeun
cengkat tuluy ngarampaan
dudukuy namprak nu masih kosong

luk tungkul deui nundutan
bisa jadi nuhkeun impian:
semanget bandung

5. Pamanggih
Karya: Ayatrohaédi

Salapan bulan ngakandung

Moal aya hiji jalma
leuwih ti indung micinta
indung gudang hampura

Salapan bulan dikandung

Moal aya hiji jalma
leuwih ti anak rumasa
anak gudang dosa

Salapan bulan ngakandung
Pinuh rasa jeung rumasa

Salapan bulan dikandung
Pinuh dosa jeung rumasa

Baca Juga: Arti Pundung dalam Bahasa Gaul

6. Batu
Karya: Béni Setia

batu nunggal
nyawang langit
hirup nyorangan

batu nunggal
diwedak lukut
nunggu nunggu umur

batu nunggal
nunggu umur
“acan waktu"

batu nunggal
nyawang langit
: dunya motah monyah-monyah

7. Sangkuriang
Karya: Béni Setia

Sangkuriang

aya nu ngambang di walungan
basa muara diranjah banjir cileungcang

urang basisir, kolot budak
ngagarimbung dina jambatan tingharéwos

"anak saha?"

euweuh nu pasti, walungan nu panjang
imeut mapay kota, loba nampa kiriman

ngan laut bangun teu suka
cua nénjo nu ngambang kabawa hujan

pokna-mana indung bapana?

8. Wayang
Karya: Sayudi

Wayang mana?
Wayang mana?
wayang kalangkangna dalang

Dalang saha?
Dalang saha?
dalang kalangkang kahayang

Kahayang kuma kahayang?
sabab kahayang nu patarénggang
bédana urang jeung urang

Baca Juga: 5 Pidato Bahasa Sunda Singkat Tentang Agama

Demikian tadi contoh puisi bahasa Sunda karya sastrawan. Semoga membantu!

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.7 fm
98.9 fm
98.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm