Sonora.ID - Kamu dapat menyimak 10 contoh artikel Bahasa Sunda yang singkat dan memilki beragam topik di dalamnya.
Dalam mempelajari Bahasa Sunda, kamu pasti akan menemukan tugas untuk membuat sebuah artikel guna meningkatkan kemampuan menulis dalam bahasa lokal tersebut.
Kamu bisa mempelajari cara penulisan tugas tersebut dengan menyimak contoh artikel Bahasa Sunda sebagai sumber referensi.
Seluruh artikel ini memiliki topik yang beragam, sehingga kamu dapat memilih salah satunya sebagai contoh dalam mengerjakan tugas.
Berikut Sonora ID bagikan rangkuman terkait 10 contoh artikel Bahasa Sunda yang singkat dengan topik beragam untuk kamu jadikan sebagai referensi belajar.
1. Artikel Bahasa Sunda I
Baca Juga: 10 Contoh Sisindiran Rarakitan Sesebred Bahasa Sunda, Lengkap dengan Arti!
Malaria jadi Ancaman Sararea
Di daerah tropis, malaria teh kaasup panyakit anu nyebarna gancang pisan sarta tumerapna sekaligus.
Ku lantaran kitu ieu panyakit teh jadi ancaman anu teu bisa diapilainkeun.
Ceuk hasil panalungtikan Departemen Kesehatan, anu maraot ku panyakit malaria teh di daerah tropis mah leuwih ti sajuta jalma dina saban taunna.
Jawa Barat kaasup daerah anu mindeng kakeunaan ku wabah malaria.
Ari anu nyababkeun ana diantarana nyaeta ruksakna lingkungan alam, upamana bae leuweung anu digunasika jeung ranca di wewengkon basisir atawa tambak anu teu kaurus.
Tadina mah panyakit malaria teh dilantarankeun ku reungit tina spesies Anopheles sundaicus anu hirupna di sawah atawa di ranca.
Ayeuna muncul reungit gunung (Anopheles balabacensis) jeung reungit leuweung (Anopheles maculatus) anu leuwih ngabahayakeun.
Ieu reungit anu dua teh lain bae leuwih gangas nyocona, tapi deuih daya tahanna leuwih kuat tina insektisida (obat serangga) anu ilahar digunakeun.
Pikeun nyegahna kudu aya insektisida anyar anu leuwih ampuh.
2. Artikel Bahasa Sunda II
Rupa-rupa Kasenian Sunda
Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan, kaasup conto kaseian tradisional. Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu tinggaleun jaman.
Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaeta jaipongan. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan teh bubuhan sakitu populerna. Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, kayaning calung, angklung atawa reog, jaipongan leuwih loba nu mikaresep.
Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan. Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan teh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaeta kasenian anu diigelan ku ronggeng atawa dombret disebutna di wewengkon basisir kaler mah.
Eta ketuk tilu teh tuluy diropea ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna dipasieup deui ku gerak silat, tari moderen, jsb. Ngaranna oge tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan.
Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rekaman upamana, kiwari geus pohara lobana kaset-kaset rekaman jaipongan. Urang bisa manggihan meh di unggal toko kaset. Ku kitu teh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana.
Malah lain bangsa urang bae nu resepeun, bangsa deungeun oge teu saeutik anu kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.
Dina kahirupan sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan.
Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di sakola, nu ngigel jaipongan di panggung teh apan tara kaliwat, sok aya bae. Ieu hiji bukti yen kasenian jaipongan teh kalandep ku balarea.
3. Artikel Bahasa Sunda III
Atikan Kasenian di Sakola
Anu pangheulana jadi pananya teh tangtuna oge: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh bae tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman.
Perkara isuk jaganing geto aya diantarana nu jadi seniman, eta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola teh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kreatif.
Ku ayana atikan kasenian, siswa oge dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonesia. Jadi, atikan kasenian teh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu.
Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran sejenna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni sejenna. Perkara eta nuduhkeun yen naon rupa perkara oge bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamarentah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya).
Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya teh mibanda harti yen atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan sewang-sewangan. Lantaran bangsa Indonesia mibanda kabeungharan budaya, tangtu bae di saban wewengkon teh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta beda jeung seni budaya sejen.
Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda oge kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajen-inajen punjul, sarta boga ciri has sewang-sewangan.
Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditepakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna beda jeung seni budaya deungeun.
Hususna di tatar Sunda, tangtu bae anu perelu diwanohkeun teh seni budaya Sunda. Rea urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu bae kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.
Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku nepakeun basa Sunda jeung rupaning kamonesan basa Sunda dina ajen sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yen basa Sunda teh henteu kampungan. Basa Sunda oge bisa jadi basa rupaning paelmuan.
Komo deui lamun ngagedurkeun nepakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Memang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari oge masih keneh rea nu nganggap yen aksara Sunda teh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saestuna mah aksara Sunda teh “ka ga nga…”.
Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoe. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hese, tinggal basana nu kudu digedurkeun teh, lantaran basa Sunda mah masih keneh diparake dina kahirupan sapopoe.
Malah dina tayangan tivi nasional oge, basa Sunda mindeng dipake, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun oge apan bisa nuduhkeun yen basa Sunda teh masih keneh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoe. Nu leuwih utama, basa Sunda teh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.
4. Artikel Bahasa Sunda IV
Baca Juga: 5 Contoh Teks Karangan Bahasa Sunda, Singkat dan Beragam Topik
Ngajaga Kasehatan Mata
Mata mangrupakeun sala sahiji indera nu paling penting keur manusa. Ngajaga kaséhatan mata bisa ngahindarkeun urang tina resiko panyakit mata nepi ka lengitna tetempoan. Dihandap ieu aya sababaraha hal nu bisa urang lakukeun keur ngajaga kaséhatan mata urang.
Rutin mariksa ka dokter mata
Saban jalma, ti mimiti budak nepi ka kolot dianjurkeun pikeun mariksa mata ka dokter husus spesialis mata sahenteuna dua taun sakali. Ku rutina urang mariksa kaséhatan mata éta tangtu keur ngadétéksi masalah mimiti nu aya tina mata, kusabab panyakit nu tangtu, saperti diabetes jeung darah tinggi.
Malahan jalma nu umurna 40 taun kaluhur dianjurkeun mariksa kaséhatan mata unggal sataun sakali. Ieu pikeun nyegah panyakit mata nu aya silih patalina jeung nambahna umur, saperti degenerasi makula, glaukoma, jeung katarak. Sedengkeun murangkalih kudu dipariksa dua taun sakali, pikeun ngadeteksi gangguan atawa masalah nu bisa waé kajadian
Ngonsumsi Kadaharan Nu Bergizi
Panalungting nunjukeun yén kadaharan nu séhat nu ngabogaan macem-macem nutrisi saperti vitamin A, C jeung E, zinc, lutein, selenium, sarta asam lemak omega-3, bisa ngabantu nanggulangan kana masalah mata misalna katarak jeung degenerasi makula. Macem-macem nutrisi kasebut bisa dibeunangkeun tina ngonsumsi sayuran héjo, salmon, lauk, endog kacang-kacangan, jeung jeruk.
Ulah lila teuing Neteup Layar Éléktronik
Pateuteup layar komputer atawa smartphone lila teuing bisa nyebabkeun mata urang téréh capé. Gejalana bisa mangrupa nyeuri sirah, cangkeul beheung, nyeuri pundak jeung tonggong, mata asa karasa garing jeung kaku, hesé pokus lamun nempo kajauhan, sarta tetenjoanan jadi kabur.
Lamun urang gawé di hareup komputer sapanjang poé, usahakeun di unggal 20 menit sakali robah tetempoeun mata sajauh 6 meter salila 20 detik, keur ngurangan kategangan tina mata. Atawa bisa ogé ngistirahatkeun mata salila 15 menit unggal 2 jam sakali. Lamun mata geus karasa kaku, kudu mindeng ngedipkeun mata.
Maké Kacamata Hideung
Lain ukur kulit nu kudu dilindungan tina éfek bahaya sinar ultraviolet panon poé, tapi mata ogé kudu. Mata anu kacida sering kapapar sinar ultraviolet bisa ngakibatkeun panyakit katarak mata, degenerasi makula, kornea, jeung bahkeun kanker mata. Kusabab kitu, urang bisa ngakalana maké kacamata hideung pikeun nanggulangan tina paparan sinar UVA jeung UVB.
Ulah Ngaroko
Ngaroko bisa ningkatkeun resiko panyakit katarak, degenerasi makula, jeung karuksakan saraf optik nu bisa nyebabkeun kabutaan sarta ngaruksak retina. Ngaroko ogé bisa nyebakeun plak dina pembuluh darah jeung ngalemahkeun arteri, nu matak ningkatkeun resiko serangan jantung.
Rajin Olah raga
Panalungtikan ngungkabkeun yén olah raga bisa ngurangan tina resiko leungitna tetempoanan, ku akibat tekanan darah tinggi, diabetes, sarta kadar kolesterol nu luhur.
Cara ngajaga kaséhatan mata ogé bisa dilakukeun ku cara ulah ngantépkeun rupa-rupa masalah nu aya dina mata. Contona, lamun ngarasa mata keuna kokotor atawa kekebul geura kumbah ku cai bersih. Lamun mata karasa ateul atawa katempona bereum, ubaran ku obat tetes mata atawa komprés ku cai tiis.
Geuwat geura pariksaan ka doktér lamun masalah tina mata can bisa cager kénéh waé, atawa lamun mata karasa nyeuri, bengkak, sensitip ka cahya, saperti aya bintik hideung nu ngambang wanci tetempoan, atawa lamun urang ngalaman gangguan masalah tina tetempoan liana.
5. Artikel Bahasa Sunda V
Pendidikan
Elmu pangaweruh kudu urang di tangan neika ka urang maot Naha bet kitu? Soalnya neangan elmu nyaeta geus jadi kewajiban urang salarea, elmu kudu ku urang diteangan walo nepika negri cina, elmu pangaweruh anu nyieun urang apal anu nyieun urang ngarti. Lamun urang geus ngarti urang teh bakal gampang sukses rek di Dunya atawa di akhirat, ku jaman Kiwari loba pisan sarana keur neangan elmu pangaweruh, mangga hayu urang beberkeun Lakon nyiar elmu.
Neangan elmu pangaweruh anu formil nyaeta ku caranya urang sakola, Dina urang sakola urang bisa apal naon wae elmu anu bisa ku urang di beunangkeung soalna geus aya rpp, loba syarat urang keur naek tingkat di sakola mimiti nilai ulah jeblog, Jeung urang kudu geus nguasaan materi nu geus di pajarkeun, tapi upami saur abdimah upami sakola smsteh kurang ngajurus Kana profesionalitas, Naha bet kitu? Soalna di ajar geus aya patokan rppmah uranggeh asa kapatok we di ajarteh padahal mah di ajarmah sabebasna patokanmah keur minimalna sanes keur maksimalna,
Urang rek nepika iraha kudu di huapan wae? Sok tanya urang di huapan ku elmu barat atawa lainnya kuduna bangsa urang lamun hayang maju kudu nyieun elmuna kudu urang nu ngahuapan bangsa deungeun, tah lamun kitumah elmu pangaweruh bangsa uranggeh bakal leuwih maju ti bangsa deungeun.
Elmu Jeung neangan elmuteh teu kapatok ku diajar disakola hungkul, yeuh elmu diaakolamah saeutik nu lobamah elmu di luar sakola, dengekeun di sakolamah urang neangan elmu heula kakara ujian di kahirupanmah di luar ti sakolamah ujian heula kakara memang elmuna, tah beda pisan sok geura eksperimen meh boga elmu pangaweruh anu loba.
Ku ayana teknologi informasi urang saraarea bisa neangan elmu dimana wae iraha wae, bisa nanyakeun ka babaturan di jajaring sosial atawa anjeung oge tiasa searching neangan kos ieu artikel, tah ku ayana teknologi informasi Jeung interneteh bisa ngamudahkeun urang oge tina sarana Jeung pasarana keur maneh nimba elmu pangaweruh ieu.
Kop tangan masalahkan pecahkeun solusinya loba pisan permasalahan di Indonesia mah kawas masalah sampah, banjir, longsor, jst tah aya oge masalah nu liana kawas di wc bau. Tah gara gara masalah nu aya eta bisa nyieun nambahan elmu pangaweruh kusabab sok maraneh neangan solusinya ulah saukur, nganikmati masalah nua ayana.
Kasimpulanana kieu kop nyiar Jeung nyieun elmu sabab geus jadi kewajiban salarea, inget urang hirup di dunya kudu mangfaat, tah lamun anjeun boga elmu oge sok geura bagikeun elmuna, inget elmu nu mangfaat nyaeta amal anu moal eureun ngocorna.
6. Artikel Bahasa Sunda VI
Akar Huntu Beuki Pondok
Pamakéan kutang anu panjang tiasa nyababkeun akar waos urang janten langkung pondok, prosés ieu ogé katelah resorpsi root.
Kaleungitan akar huntu kusabab akibat tina kawat, éta paling dipikaresep dialaman ku jalma anu nganggo kutang (waos) pikeun waktos anu lami.
Nanging, dina sisi négatip sakumaha anu dibahas sateuacanna écés, upami urang gaduh baju kurung (waos) éta kedah diperlakukeun sacara rutin sareng diberesihan.
7. Artikel Bahasa Sunda VII
Kagiatan Osis
Kagiatan di sakola teh lain ngan saukur diajar di jero kelas. Pikeun para siswa anu hayang mekarkeun kamampuhna, di sakola aya rupa-rupa kagiatan, upamana bae pramuka, PMR, PKS, kasenian, olah raga, jsb.
Eta kagiatan teh kabehanana dikokolakeun ku OSIS. Naon ari OSIS? OSIS teh minangka hiji wadah kagiatan ekstrakurikuler sakola nu aya di unggal SMP/SMA. Anu mingpin OSIS dihiji sakola, nyaeta ketuana, tangtu miboga pancen pikeun ngalaksanakeun sarta ngordinasi kagiatan-kagiatan OSIS.
Kagiatan OSIS kudu bisa mantuan kalawan aktif lumangsungna atikan upamana bae Pramuka, PMR, PKS, Paskibra, Kasenian, kudu dirojong ku OSIS sangkan hasilna nyugemakeun. Kapangurusan OSIS ilaharna diganti unggal taun dina ahir semester kadua. Siswa anu kapapancenan jadi pangurus OSIS tangtu henteu sagawayah, tapi dumasar kana hasil milih dina Musyawarah Perwakilan Kelas (MPK).
Siswa anu kapilih jadi ketua OSIS kudu boga bakat kapamingpinanan dina dirina sarta diperedih boga kaparigelan husus pikeun ngokolakeun organisasi. Kitu deui, siswa anu rek mingpin organisasi kudu mibanda sipat-sipat husus nu dipiharep ku eta organisasi, upamana bae wijaksana dina mutuskeun hiji perkara, jembar pikiran, loba ide atawa gagasan, boga sipat guyub babarengan digawe jeung nu lian, jsb.
Ari kawajiban nu jadi anggota OSIS nyaeta kudu nyekel kana aturan disiplin OSIS, nyumponan kawajiban anu geus ditangtukeun ku oraganisasi, ngalaksankeun Panca Karya Setya (kode etik OSIS), sarta tumut tur ngalaksanakeun hasil musawarah MPK.
Ilaharna para pangurus OSIS anu anyar kapilih sok dibere latihan dasar kapingpinan ku pihak sakola, pangpangna ku guru-guru anu kapapancenan jadi Pembina OSIS. Maksudna ngarah para pangurus miboga pangaweruh ngeunaan kapamingpinan sarta prak-prakan ngokolakeun organisasi.
8. Artikel Bahasa Sunda VIII
Gusi Getihan
Anu sering kajadian ogé nyaéta anu tiasa nyababkeun gusi nyeri sareng, dina sababaraha kasus, pendarahan.
Ieu biasana kajadian nalika urang nginum kaamanan anu kasar atanapi heuras. Alesan pikeun ieu nyaéta gusi anu tiasa janten jengkel sareng perdarahan.
Kusabab nganggo kawat urang huntu urang adaptasi sareng parobihan warna. Kadang-kadang, meureun aya corétan kusabab gesekan disababkeun ku kawat dina jero waos.
9. Artikel Bahasa Sunda IX
Baca Juga: 20 Contoh Pepeling Sunda, Lengkap dengan Artinya Bahasa Indonesia
Pendidikan Pikeun Ningkatkeun Kualitas Hirup
Pendidikan tangtu bae penting pisan pikeun ningkatkeun kualitas hirup urang, misalna pikeun neangan pagawean anu hade engkena. Pendidikan nu urang boga kudu urang pake sing ka bener, ulah disalah gunakeun. Pendidikan nu urang boga lamun teu di mangpaatkeun atawa dipraktekeun dina kahirupan, barang tangtu eta moal aya hartina.
Pendidikan lain ukur bisa diteangan disakola wungkul, tapi dimana bae urang ayana. Indung bapa kudu mere conto nu bener pikeun anakna, misalna tina pendidikan sopan santun, agama, lingkungan, jeung sajabana, anu meureun henteu di ajarkeun disakolaan. Nah, naon bae eta kauntungan pendidikan teh pikeun urang? Nya eta pikeun:
Pendidikan anu sae tangtu ageng pisan mangfaatna pikeun kahirupan saha bae eta jalmana, aya papatah nu nyebutkeun "Tungtut elmu nepi ka negri china" nah eta hartina, urang kudu diajar saluhur-luhurna pikeun ningkatkeun kualitas kahirupan nu bagja ajang engkena.
Jalma anu boga pendidikan nu luhur bisa lewih gampil menangkeun pagawean. Asal urang terus ikhtiar jeung ngado'a pikeun menangkeun pagawean nu dipikahayang ku urang, sarta meraktek-keun elmu nu ku urang bisa atawa di kuasaan.
Lain saukur ajang neangan pagawean wungkul, tapi ku ayana pendidikan tiasa ngajarkeun urang kana sopan santun jeung hal-hal anu leuwih bener. Pendidikan oge tiasa masihan rencana anu hade pikeun kahirupan ka harepna.
Ku ayana pendidikan urang jadi bisa ngarencanakeun mangsa hareup nu leuwih hade, sarta bisa nyokot kaputusan anu bener tina kahirupan, intina bisa nyieun urang leuwih hade jeung bagja engkena.
Ku ayana pendidikan bisa ngahapuskeun pemikiran anu salah nu pernah aya di benak urang. Pendidikan mere gambaran anu ca'ang supaya urang teu ngarasa kabingungan, sabab ku ayana pendidikan, hal-hal anu tadina urang teu tenyaho jadi nyaho.
Pendidikan mangrupakeun jajaran kabutuhan dasar jalma supaya bisa leuwih bagja kahareupna. Pendidikan bisa ngabantu tina kamajuan bangsa. Sabab, mangsa hareup bangsa bisa jadi aman lamun dicekel ku masyarakatna anu boga pendidikan nu sae.
10. Artikel Bahasa Sunda X
Sisi Negatif Ngagunakeun Kawat Gigi
1. Rahang Diborgol
Efek samping négatip tina kurung anu dirasakan ku sababaraha umumna nyaéta gatel dina rahang atanapi dina huntu kusabab pangaruh-tarikan anu asalna tina kurung anu disambungkeun.
Nyeri rahang tiasa sering nyababkeun nyeri sirah, janten ieu sababna panggunaan kabel pikeun huntu ieu tiasa nyababkeun rahang nyeri.
Sensasina dirasakeun nalika dokter gigi nempatkeun kawat sareng ngamankeunana dina huntu. Tangtosna, sadayana ngaréspon bau.
2. Gusi Getihan
Anu sering kajadian ogé nyaéta anu tiasa nyababkeun gusi nyeri sareng, dina sababaraha kasus, pendarahan.
Ieu biasana kajadian nalika urang nginum kaamanan anu kasar atanapi heuras. Alesan pikeun ieu nyaéta gusi anu tiasa janten jengkel sareng perdarahan.
Kusabab nganggo kawat urang huntu urang adaptasi sareng parobihan warna. Kadang-kadang, meureun aya corétan kusabab gesekan disababkeun ku kawat dina jero waos.
3. Kawat Rusak Dina Waos
Kawat gigi (waos) dijantenkeun awét.
Tapi, kamungkinan bantalan kawat kadang-kadang tiasa rusak ku kabaosan, khususna upami urang sacara rutin nyikat ku seueur kakuatan.
Itulah 10 contoh artikel Bahasa Sunda yang dapat kamu jadikan sebagai referensi belajar; sudah tahu topik apa yang akan dituliskan?
Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.