3 Contoh Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda yang Penuh Makna

10 Juni 2024 15:52 WIB
Ilustrasi khutbah Idul Adha bahasa Sunda.
Ilustrasi khutbah Idul Adha bahasa Sunda. ( Pixabay)

2. Hade Sangka Kana Parentah ti Allah

Khutbah I

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً، لَاإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وَللهِ اْلحَمْدُ. الحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ خَلَقَ الزّمَانَ وَفَضَّلَ بَعْضَهُ عَلَى بَعْضٍ فَخَصَّ بَعْضُ الشُّهُوْرِ وَالأَيَّامِ وَالَليَالِي بِمَزَايَا وَفَضَائِلَ يُعَظَّمُ فِيْهَا الأَجْرُ والحَسَنَاتُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى بِقَوْلِهِ وَفِعْلِهِ إِلَى الرَّشَادِ. اللّهُمَّ صَلّ وسّلِّمْ علَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمّدٍ وِعَلَى آلِه وأصْحَابِهِ هُدَاةِ الأَنَامِ في أَنْحَاءِ البِلاَدِ. أمَّا بعْدُ، فيَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا اللهَ تَعَالَى بِفِعْلِ الطَّاعَاتِ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ. إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Dzat Allah anu maha Ghafur. Shalawat sareng salam mugi didugikeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, oge ka para kulawargana, sahabatna mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Allahu Akbar 3x

Hadirin Rahimakumullah
Dina ngamalkeun ajaran agama Islam urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, hartina urang teu meunang suudzon. sabab teu aya ajaran Islam nu bakal ngarugikeun umatna, conto dina parentah puasa mun dilaksanakeun pasti moal madarat, sanajan ti isuk nepi ka burit henteu barang dahar. Atuh sakalieun indit-inditan atawa gering atawa aya udzur, ku Allah dibere rukhsoh supaya henteu puasa. Jadi eces pisan ajaran agama Islam teh merhatikeun kana kasalametan jiwa jeung kasehatan.

Urang kudu yakin yen tiap-tiap parentah agama pasti manfaatna bakal balik ka urang sorangan. Mun urang ninggalkeun ajaran Islam, pasti bakal rugi kacida akibatna. Keur ngabuktikeun yen parentah agama teh moal ngarugikeun pikeun ummat.contona loba pisan saperti:

Kahiji, Nabi Ibrohim As, nalika ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana nu jenengannana Ismail, di hiji lengkob nu nenggang teu aya lembur, sedengkeun Ismail harita masih orok. Nabi Ibrahim cukup ku ngadoakeun supaya kulawargana daek solat, boga akhlak nu hade, sarta dibere rizki ku Allah. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

رَّبَّنَا إِنِّى أَسْكَنتُ مِن ذُرِّيَّتِى بِوَادٍ غَيْرِ ذِى زَرْعٍ عِندَ بَيْتِكَ ٱلْمُحَرَّمِ رَبَّنَا لِيُقِيمُوا ٱلصَّلَوٰةَ فَٱجْعَلْ أَفْـِٔدَةً مِّنَ ٱلنَّاسِ تَهْوِى إِلَيْهِمْ وَٱرْزُقْهُم مِّنَ ٱلثَّمَرَٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُونَ

“Nun gusti pangeran abdi sadaya, sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdidina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, anu pernahna caket bumi Gusti (baitullah) anu dimulyaken. Nun Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranehna kersa ngaradegkeun salat, mugia hatena jalmi-jalmi janten manteng kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia gusti maparin rizki ka maranehna mangrupi bubuahan, supados maranehna muji sukur. (Qs. Ibrahim: 37) Terus kanyataanna,kulawarga Nabi Ibrahim As kacida dipikanyaahna ku Allah. Ismail salamet, atuh indungna oge salamet, malah aya sumur zamzam bukti kanyaah Allah anu masih aya dugi ka ayeuna.

Allahu Akbar 3x

Hadirin Rahimakumullah
​​​​​​​Kadua, saparantos Ismail nincak umur baleg, Allah miwarang Ibrahim supaya meuncit putrana nu jenengan Ismail tea, tapi kanyataannana ku Allah digentos peupeuncitannana ku domba nu badag ti jero sawarga. Dawuh Allah dina Al-Qur’an dina surat As-Soffaat ayat ka 106-107.

إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰؤُاٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ

“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung kami geus ngaganti manehna (Isma’il) ku peupeuncitan anu gede (domba anu lintuh).”

Sajarah ayana kurban sabab kata’atannana Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Dugi ka ayeuna kurban bisa dirasakeun mangpa’atna ku urang sarerea terutama keur jalma miskin.

Katilu, ngalaksanakeun pernikahan ku Allah dianjurkeun kacida, sabab nikah teh bakal ngajaga farji jeung paningali.Sanajan rumasa jadi jalma nu miskin, ku Allah pasti bakal dibere rizki anu cukup, asal urangna bener-bener daek usaha. Dawuh Allah dina Al-Quran dina surat An-Nur ayat 32.

وَأَنكِحُواٱلْأَيَٰمَىٰ مِنكُمْ وَٱلصَّٰلِحِينَ مِنْ عِبَادِكُمْ وَإِمَائِكُمْ إِن يَكُونُوا فُقَرَاءَ يُغْنِهِمُ ٱللَّهُ مِن فَضْلِهِۦ وَٱللَّهُ وَٰسِعٌ عَلِيمٌ

“Jeung geura kawinkeun jalma-jalma anu lalagasan ti antara maraneh, jeung abid-abid katut amat-amat milik maraneh anu sapantesna (kawin). Upama maranehna pakir, engke oge Allah ngajadikeun maranehna mampuh ku kajembaranana, jeung Allah teh Maha Jembar tur Maha Uninga. (Qs. An Nur:32)

Kaopat, mun aya kasusahan dina mancen kahirupan, pasti ku Allah bakal dibere kasenangan, ku Allah bakal leuwih loba dibere kasenangan tinimbang kasusahan. Tapi saratna, urang kudu bener-bener takwa ka Allah swt. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

فَإِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا
إِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا

“Saenyana dina kasusah (rohani) teh aya kabungah, jeung saenyana dina karipuh (jasmani) aya kasenangan.” (Qs. Al-Insyirah: 5-6)

Dina dua ayat di luhur netelakeun yen saenya satiap aya kasusah pasti aya kabungah.

Terus tingali deui dina surat al-Tholaq ayat 2 dugi 3.

وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجْعَل لَّهُۥ مَخْرَجًا
وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ وَمَن يَتَوَكَّلْ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُۥ

“Sing saha anu takwa ka Allah, tanwande anjeuna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun manehna. Jeung Anjeuna baris maparin rejeki kamanehna tina jalan anu heunteu disangka-sangka ku manehna.”

Dina ayat al-Tholaq ieu Allah ngajelaskeun yen urang bakal dibere solusi anu sae sarta bakal dibere rejeki anu cukup mun urang bener taqwana ka Allah swt.

Allahu Akbar 3x

Hadirian Rahimakumullah
Kalima, mun urang gering kudu yakin yen Allah pasti bakal mere cager, sabab asalna gering oge teh ti Allah. Asal kudu rajin dumeuheus ka Allah kucara loba maca Quran, sakumaha pidawuh Allah:

وَنُنَزِّلُ مِنَ ٱلْقُرْءَانِ مَا هُوَ شِفَآءٌ وَرَحْمَةٌ لِّلْمُؤْمِنِينَ وَلَا يَزِيدُ ٱلظَّٰلِمِينَ إِلَّا خَسَارًا

“Jeung kami nurunken tina Quran saniskara anu jadi ubar jeung rahmat pikeun mu’minin,jeung (Qur’an teh) piken anu darolim mah henteu nambahan naon-naon salian ti karugian (Qs. Al-Isro: 82)

Oge pidawuh Allah dina Quran surat Al-Baqarah :147

ٱلْحَقُّ مِن رَّبِّكَ فَلَا تَكُونَنَّ مِنَ ٱلْمُمْتَرِينَ

“Ari hak tea datangna ti Pangeran maneh, ku sabab eta maneh ulah jadi ti antara jalma nu marangmang.”

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

Khutbah II

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Baca Juga: Doa Salat Tahajud Bahasa Arab dan Latin Lengkap dengan Artinya

3. Kurban Tanda Kasatiaan sareng Kaikhlasan

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh,

Alhamdulillah, urang sami-sami ngucapkeun syukur ka Allah Swt. anu parantos maparin rahmat sareng nikmatna ka urang sadaya. Salawat sareng salam urang sanjungkeun ka Nabi Muhammad saw., ka kulawargana, ka sahabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna.

Dulur-dulur sadaya anu ku Allah dipikacinta,

Dinten ieu, urang sami-sami ngumpul dina rangka ngagungkeun salah sahiji hari raya anu agung dina agama Islam, nyaéta Iduladha. Dina ieu kasempetan, hayu urang merenung sareng ngahayati hikmah anu aya dina kurban anu urang laksanakeun. Kurban mangrupa simbol tina kasatiaan, keikhlasan, sareng ketaatan urang ka Allah Swt..

Dulur-dulur anu dimuliakeun Allah,

Mangga urang nginget deui kisah anu kawéntar, nyaéta kisah Nabi Ibrahim a.s. sareng putrana, Nabi Ismail a.s. Dina hiji waktu, Allah maréntah ka Nabi Ibrahim pikeun nyembelih putrana anu dipikacinta, Ismail. Kacida sedihna hati hiji bapak anu dipénta ngorbankeun anak anu dipikacintana. Mung, ku sabab takwa sareng ketaatan anu luar biasa ka Allah, Nabi Ibrahim siap ngalaksanakeun paréntah éta. Nabi Ismail, anu ogé taat ka Allah sareng ka kolotna, kalayan ikhlas ngalarapkeun diri pikeun dikorbankeun.

Bayangkeun, kacida beuratna parasaan Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail dina mangsa éta. Mung, dina puncak kasatiaan sareng keikhlasan maranéhna, Allah ngagentos Nabi Ismail kalayan saékor domba. Kisah ieu kedah janten eunteung pikeun urang sadaya dina ngajalankeun ibadah kurban. Urang kedah siap ngorbankeun naon anu paling dipikacinta demi ketaatan ka Allah Swt..

Dulur-dulur sadaya anu dipikacinta ku Allah,

Iduladha ogé kedah janten waktu pikeun urang ngarenung kaayaan dulur-dulur urang anu kurang untung. Dina mangsa urang tiasa ngagungkeun hari raya kalayan suka cita, aya seueur dulur-dulur urang anu keur nyanghareupan kahirupan anu hésé. Aya anu keur perang, anu keur lapar, anu keur kuciwa, sareng anu keur sangsara. Sedih rasana nalika urang nginget dulur-dulur urang anu teu tiasa ngaraoskeun kabahagiaan sapertos urang.

Kurban téh ngajarkeun urang keur ikhlas, sabar, sareng tulung-tinulung ka sasama. Dina ngajalankeun kurban, urang kudu ngaleungitkeun sipat kikir sareng loba pamrih. Urang kedah ngabagi ka dulur-dulur urang anu butuh, sabab didinya aya berkah anu luar biasa. Ku kurban, urang diajar ngabersihkeun hati ti sipat kikir sareng jadi jalma anu langkung prihatin kana kaayaan sekitar.

Dulur-dulur sadayana,

Di akhir khutbah ieu, hayu urang sami-sami ngadoa, mugi-mugi Allah Swt. masihan kakuatan ka urang sadaya pikeun terus ngajalankeun paréntah-paréntahna kalayan ikhlas sareng sabar. Mugi-mugi Allah masihan berkah sareng rido ka ibadah kurban anu urang laksanakeun dinten ieu.

Hayu urang ngadua,

Ya Allah, tarima kurban kami sadayana, berkahi rezeki kami, sareng kuatkeun iman kami. Ya Allah, tulungan dulur-dulur kami anu keur butuh, sareng jadikeun kami jalmi-jalmi anu senantiasa taat ka peréntah-Mu Ya Allah. Aamiin.

Wabillahi taufiq wal hidayah, wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Demikian 3 contoh khutbah Idul Adha bahasa Sunda yang penuh makna.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.7 fm
98.9 fm
98.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm